Selasa, 26 Mei 2009
Aral tapi bari rek hudang
Yaa Alloh Gusti numaha suci, abdi nyahhareupkeun wajah abdi bari ngangkat kadua panangan abdi nyungkeun pangampura ka pangeran anu ngusik tur malikeun. Abdi rumaos hengker, fakir tur teu aya kakiatan anging ku pitulung Gusti, saestuna abdi miharep panyalindungan sareng welas asih Gusti. Yaa Alloh Hapunten tina sagala dosa Abdi, dosa ibu-rama abdi Sayangi anjeuna sakumaha Aranjeuna parantos mikanyaah tur mikadeudeuh ka Abdi tikawit alit, mugia Cucuran kesangna ngajantenkeun kabagjaan dunya rawuh akherat. Panjangkeun yuswana disarengan ku rizki nu halal, kakuatan iman sareng langkung soson-soson dina ibadah ngabaktikeun diri ka Gusti sareng pundut anjeuna dina husnul khotimah. Yaa Alloh Hapunten kulawarga sareng wargi-wargi abdi, pasihan kakiatan kanggo mayunan sagala rupi kahirupan dunya kangge bebenah pi bekeleun jaga. Tungtun abdi sadaya kana jalan nu di pikaridlo ku Gusti, aping abdi sadaya supados tiasa tumamprak narimakeun kana naon wae nu parantos di tangtoskeun ku Gusti, Yaa Alloh Gusti nu maha Suci teu aya deui tempat panyalindungan anging ti Gusti. Syukur Alhamdulillah buah tina soson-soson sareng ngalangkungan bantosan ti sadaya pihak, akhirna simkuring tiasa ngarengsekeun ieu karya luyu sareng waktosna, mugia janten panggeuing kangge diri Abdi supaya salawasna sadar yen hirup kawengku ku waktu kahalang ku mangsa nu nyerelek nguranngan umur jeung jatah hirup, renghap jeung kiceup hiji mangsa baris eureun. Duh……kacida pisan rugi tur hanjeluna diri mun geus ngajapapang jadi bugang. Ti sa semet ieu mah Abdi loba ngaji diri nafakuran badan sok sieun bengkung bekas nyalahan.· Limpahan rebu nuhun laksaketi kabingahan ka Bapa Sareng Ema nu parantos ngaping ngajaring, ku jasa anjeuna Duaan abdi tiasa reugreug tur sumanget dina ngambah kahirupan najan bari ti tatarajong abdi terus ngeureuyeuh ajeg pamadegan gede harepan dina hiji waktu bisa mulang tarima, numplekeun kanyaah jeung kadeudeuh kanu jadi Indung-bapa. Muga-muga dina mangsa Anjeuna duaan cueut kahareup tiasa nyaksian Abdi sukses bari sehat lahir batin. Yaa Alloh Kabulkeun sadaya do`a-do`a Abdi.· Ka sibungsu Siti Rohmah mudah-mudahan nikahna berkah janten keluarga anu sakinah oge kagungan katurunan anu Sholeh-Sholehah. Kade tong poho ibadah ruku sujud nu bisa janten obat tina sagala panyakit,da moal suda ku subaha leungit ku berewit sing sabar dina nyangharepan kasusahan jeung rereged hirup, tong poho syukuran mun meunang kabagjaan jeung kacukupan. Mun aya waktu luangkeun di ajar nyiar elmu, maca Qur`an, maca buku, datang ka pangaosan deukeutan jelema soleh ngarah aya pangenyed tina kagorengan. Kade longokan kolot penta piduana jeung do`akeun Anjeuna, meureun apal kolot teh tunggul rahayu tangkal darajat, sing sabar anaking…..hidep anak ema jeung bapa. Ka Nyi Idah oge hatur nuhun pisan kana sagala rupi kasaeannana. Kanyaah sareng kadeudeuh teh moal lipur kaibunan laas kahujanan mugi runtut raut suyunan. Abdi seueur ngeunteung ngaca yen bener rizki teh moal muncul ku dilamun datang ku dibayang sugan gubrag rezeki ti langit hasil tina nagkeup tuur, moall..sagala oge butuh pangorbanan jeung usaha, butuh kesang jeung tanaga karek bisa ngasaan hasilna. Sanajan sahuap sakopeun bagja pisan mun halal bari meunang jerih payah sorangan· Kum Kanggo Sadaya Wargi-wargi nu teu tiasa diwiji-wiji hatur nuhun kana sagala bantosannana oge hapunten bilih abdi seueur pisan kakirangan sareng kalepatan. Sanaos patebih tapi teu aya jarak kangge do`a-do`a. mugi urang sadayana di gampilkeun dina sagala rupi urusan. Ceuk pari basana jauh di jug-jug anggang di teang jeung dulurmah kudu silih anjangan pikeun ngaraketkeun kadeudeuh manjangkeun babarayaan sangkan silih asih dina silaturahim. Cenah lamun silih anjangan mah sok loba rezeki patumbu-tumbu “saeutik matak mahi loba matak sugema”.· Kanggo incu-incu abah jeung ema nu aya kana 18na mugi janten anak anu Sholeh-sholehah, janten mutiara hate kanu janten ibu-rama. Teuteup anteb pinuh harepan, tigih jangji ku kayakinan naratas jalan sorangeun mugia caang padang narawangan, hidep sadayana kembang harepan indung jeung bapa. Angin rintih mawa tingtrim kana ati, sorot socaning kalbu nyaangan anu poekeun. Nelengnengkeung……..nelengnengkung geura gede geura jangkung, gusti….mugia incu Abah jeung Ema sing cageur, bageur, pinter, bener tur singer Amiiin….· Pamungkas ka sobat-sobat abdi jono, fariz, cecep lir purnama ninggang mangsa abdi ngantosan kasumpingannana, sanaos kiwari urang pa anggang tapi hate mah tetep pa anjang-anjang, sok lah sing sehat sareng sukses sadayana. Atuh kanggo abdi sorangan nembe kapendak yen jalan hirup abdi teh seueur pisan salahna tibatan benerna. Omeanneun!!!! Bandung, 20 November 2007 Koko Komarudin GERENTES HATE Naratas jalan dina neuleuman sagara kahirupan tangtu boga udagan haying meunang kabagjaan lahir jeung batin, Teu aya jalma hirup nu teu boga cita-cita jeung harepan. Tapi dina ngahontalna loba pisan cucuk rungga, panghalang jeung cocoba. Mun keuna ka jelema hengker tur teu sabaran mah pasti loba putus asa ngarasula, tapi keur jelema nu teguh pengkuh leber wawanen bari di sanghareupan ku kasabaran mah pasti bakal tinekanan luyu jeung usaha katu kahusuan dina dua na. lempengkeun niat sampurnakeun ihtiar dina mancen tugas salaku kholifah Alloh di muka bumi prak hirup di ieu dunya, jaga, riksa jeung manpaatkeun sagala nu geus di sampakeun, tapi kade tong poho yen pangdangu, paningal, akal tur pikiran bakal di menta tanggungjawabna. Tong loba kasieun jeung kamelang hirup aya nu ngatur usik jeung malik teu weleh dijaga diriksa kun u maha Kawasa. Inget mangsa gubrag ka alam dunya, estuning lieuk euweuh ragap taya, teu jingjing teu bawa ngan bisa ngear ceurik teu daya teu upaya. Tapi ngaliwatan indung jeung bapa dicukup dahar pake ku kanyaah jeung kadeudeuh nu teu pamrih nepika gede jangkung jag-jag belejag nepi ka kiwari. Matak hirup ulah kalalanjonan kabawa ku sakaba-kaba ngalajur nafsu nu matak kaduhung badan baris katempuhan, sakapeung mah sok bruh-breh kalkuan sorangan nu teu luyu jeung aturan, teu cukup ku cimata miceun kaduhung sok era pisan, komo di payuneun Allah swt hina pisan diri teh. Bagjana masih keneh aya jatah hirup keur bebenah ngaromak kasalahan bari dibarengan ku tobat. Da lamun geus jadi layon mah meureun najan adug lajer ceurik getih ge moal bisa malikeun waktu, anging pitulung Allah Nu jadi harepan. Pon kitu deui ka papada jalma, kolot, dulur, baraya jeung tatangga asa sok ngarakacak ari ras loba pisan ceda jeung kasalahan, teu leungit ku narik napas panjang teu lipur ku renghap nu carang teu weleh ngalangkang marengan lengkah nu nolog neangan obor pikeun nepikeun cita-cita jeung harepan
Langganan:
Postingan (Atom)